Info Sekolah
Rabu, 05 Nov 2025
  • SELAMAT DATANG DI WEBSITE RESMI SMPN 1 KARANGPAWITAN
  • SELAMAT DATANG DI WEBSITE RESMI SMPN 1 KARANGPAWITAN
29 Oktober 2025

Silih Lengkepan Kanu Jadi Rerencangan

Rab, 29 Oktober 2025 Dibaca 2x

Silih Lengkepan Kanu Jadi Rerencangan

Ku: Sandy Anwar Juliansyah (8a)

 

 

 Dina hiji waktos aya dua budak anu namina nyaéta Helmi sareng Reza nu geus sosobatan ti keur alit kénéh. Unggal poé Helmi sareng Reza téh sok arulin. Bareng arulina téh sok di jalan satapak nu ngaliwatan kebon sareng sawah.

 

            Helmi mah budakna lincah sareng resep heureuy sedengkeun Reza mah rada cicingeun. Tapi Reza sok daék ngadangukeun sagala caritaan ti Helmi. Sanajan béda watak tapi manéhna silih lengkepan.

            Tos kitu dina hiji waktos Helmi téh ngagaduhan masalah. Bapana gering parna, sarta kulawargina nuju kasusahan biaya pikeun ngubaran anjeuna. Reza salaku sobatna anu satia teu cicing waé manéhna ngajak babaturanna nu séjén pikeun ngarumpulkeun sumbangan.

            Tah saatos kitu téh unggal imah didatangan kumargi badé nyungkeun bantosan. Éta sumbangan téh badé dipasihkeun ka Helmi kanggo biaya ngubaran bapana. Sanajan teu sabaraha tapi ahirna duit anu kukumpulna tiasa dipaké ngubaran Bapana Helmi. Helmi kacida ngarasa bagja sareng ngahaturnuhunkeun ka Reza. Saatos kitu Helmi sareng Reza téh ngarobrol cita-citana Helmi sareng Reza nuju pataros-taros Cita-citana. Kumargi badé dipikahayang pagawéanana.

“Cita-cita Reza lamun tos ageung badé janten naon?” ceuk Helmi.

“Lamun abdi mah Insyallah, bade janten tentara,” jawab Reza.

“Ari cita-cita Helmi lamun tos ageung bade janten naon?” ceuk Reza.

“Anu dipikahayang mah janten Akmil tapi, saur kulawargi abdi pantes na janten pamaén bola

kumargi abdi lebet club sepak bola.” jawab Helmi.

“Oh sok atuh ayeuna mah kudu silih ngadu’a méh cita-citana kahontal” ceuk Reza.

“Aamiin…ayeuna mah kudu silih du’a keun nya…!” ceuk Reza.

“Muhun, mugia cita-citana sing enggal laksana.” ceuk Helmi.

 

            Waktos teras kaliwat, Helmi sareng Reza kiwari atos ageung. Teras Helmi kahontal janten Akmil nu dipikohoyong ku Helmi ti baheula sedengkeun Reza janten petani. Sanajan sibuk ku kahirupanana masing-masing, tapi maranéhna angger janten sobat. Pas poé minggu maranéhna sok ngaluangkeun waktos kanggo ngopi diwarung mang Ridwan, saréng badé ngabahas sagalana.

            Saatos kitu Reza ngagaduhan masalah di sawahna kumargi kakeunaan hama. Sareng hasil panénna gagal total. Reza teu ngarasa putus asa, tapi Helmi teu nganteupkeun Reza sorangan, tapi méré sumanget ka Reza méh bisa bangkit deui.

            Akhirna Reza tiasa bangkit deui kumargi manéhna mikirkeun kumaha carana ngolah sawah anu bener. Tos kitu hasil panénna ningkat. Reza téh ngarasa bagja sareng ngahaturnuhunkeun ka Helmi kumargi tos masihan sumanget sanajan sibuk di pagawéanana.

            Saatos kitu Reza sareng Helmi téh badé janjian katempat warung mang Ridwan. Anu ti baheula sok dicicingan ku Helmi sareng Reza. Reza sareng Helmi téh ka tempat Mang Ridwan bari ngobrol. Kumargi ti basa éta tara aya waktos janten ayeuna mah tos garaduh bumi na masing-masing.

            Helmi sareng Reza mah ti keur alit tara musuhan janten nepi ka ageung ogé sok babarengan tapi sok tara pendak kumargi sibuk ku kahirupanana. Tos kitu Reza sareng Helmi tos gaduh bumi masing-masing.

            Lamun Helmi mah gaduh bumi di Bandung, lamun Reza mah gaduh bumi di Surabaya. Sareng ayeuna mah tos garaduh kulawargina masing-masing janten bakal moal tiasa papendak deui kumargi bakal sibuk sareng kulawargina masing-masing.

            Saatos kitu Helmi sareng Reza aya waktos badé papendak. Helmi téh sareng kulawargina badé ka bumi Reza kumargi bade silaturahmi sareng kulawargina Reza sareng kumargi tos lami teu papendak da saribuk ku pagawéanana.

            Teu lami tos kitu Reza teh ka bumi Helmi kumargi aya waktos janten  bade papendak sareng Helmi sareng bade silaturahmi ka bumi Helmi. Reza teh nepi weh ka imah Helmi teh ngucapkeun salam

 “Asalamualaikum  warahmatullahi wabarakatu” ceuk Reza

“Wa’alaikum salam warahmatullahi wabarakatu” jawab Helmi

            “Helmi kumaha damang?” ceuk Reza

            “Alhamdulillah damang, Reza kumaha?”

            “Alhamdulillah damang,” jawab Helmi

            “Kumaha lancar sagala pagawéanana?” ceuk Reza

            “Alhamdulillah. Helmi lancar?” jawab Reza

            “Alhamdulillah lancar”

            “Helmi ayeuna mah beuki lintuh” ceuk Reza

“Alhamdulillah, nya atuh da abdi mah sok barang emam waé” jawab Helmi

“Oh pantes ayeuna mah asa beuki lintuh” ceuk Reza

            Tuluy wéh dua sobat nu sok babarengan ti leleuktik papisah di tos gedé sosonoan suka seuri gogonjakan. Mulangkeun panineungan mangsa maranehanana keur leutik. ***     

Artikel ini memiliki

0 Komentar

Tinggalkan Komentar

 

Pengumuman

Terbit : Mei 19, 2025
PENILAIAN SUMATIF AKHIR JENJANG (PSAJ)
Siswa dan siswi smpn 1 karangpawitan kelas IX akan mengikuti PSAJ dari tanggal 19 mei..
Terbit : September 22, 2021
Pengumuman Penerimaan Siswa Baru
penjelasan atau keterangan dri pengumuman

Agenda

27
Agu 2025
waktu : 08:38
Agenda telah lewat

Info Sekolah

SMPN 1 KARANGPAWITAN

NPSN 20209302
jl.cimurah No.336 Karangpawitan Garut 44182
TELEPON (0262) 444473
EMAIL smpn1karpaw@gmail.com