Ku Budi Suhardiman
Salah sahiji sipat urang Sunda mah lamun aya katugenah téh tara wani nyarita togmol atawa saceplakna, tapi sok dibalibirkeun. Maksudna ngarah nu lian (nu diajak nyarita) teu kasigeung atawa henteu matak nyentug kana haténa. Ku kituna dina kabiasaan urang Sunda aya nu disebut sindir sampir. Sindir sampir mah wangunna mangrupa kalimah. Upamana lamun aya budak nu kabeurangan, tara togmol disebut kabeurangan, tapi sok disindiran “Naha Jang, datang téh mani nyubuh?” Lamun aya pasakan loba teuing uyah, tara togmol disebut pangsét, tapi sok disindiran “Nuju mirah nya, uyah téh ayeuna mah.”
Salian ti sindir sampir, di Sunda ogé aya nu disebut sisindiran. Ilikan ieu di handap rupa-rupa contona!
1. Sing getol nginum ci herang
Ngarah awak jadi séhat
Sing getol maca Al Quran
Ngarah bagja di ahérat
2. Sapanjang jalan ka Garut
Henteu waé dioméan
Sapanjang tacan kairut
Henteu waé sosonoan
3. Kota Garut nu bersih
teu aya kokotor kuda
Hayu singkil urang jumsih
Sangkan meunang adipura
4. Meuli TV ti toserba
alusna ka bina-bina
Lamun meunag adipura
dijagana ku saréréa
5. Ka Cisompét ka Cimari
ngaliwatan Mancagahar
Kapelet ku Néng Déwi
sapoé teu bisa dahar
6. Jambu batu jambu Bangkok
Dipelak di sisi balong
Ibu-ibu nu marontok
Maké erokna barolong
7. Sok hayang nyaba ka Garut
sok hayang nyaho kotana
Sok hayang nanya nu camberut
Sok hayang nyaho nyentakna
Sisindiran mah umumna diwangun ku opat padalisan. Padalisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang. Padalisan katilu jeung kaopat mangrupa eusi. Guru wilangan jeung guru laguna diatur sing merenah. Biasana unggal-unggal padalisan guru wilanganana téh aya dalapan engang.
Sisindiran di luhur kaasup wangun paparikan jeung rarakitan. Sisindiran nomer 1, 2, jeung 7 kaasup sisindiran dina wangun rarakitan. Sisindiran nomer 3 nepi ka 6 kaasup wangun paparikan.
Unggal-unggal padalisan umumna diwangun ku dalapan engang. Dina paparikan sora panungtung padalisan kahiji kudu padeukeut (murwakanti) jeung sora panungtung padalisan katilu. Sora panungtung padalisan kadua kudu padeukeut (murwakanti) jeung sora panungtung padalisan kaopat.
Dina wangun rarakitan salian kudu padeukeut (murwakanti) sora panungtung jiga dina wangun paparikan, kecap mimiti (puhu) padalisan kahiji kudu sarua (papak) jeung padilisan katilu. Kecap mimiti dina padalisan kadua kudu sarua (papak) jeung kecap mimiti dina padalisan kaopat.
Lamun ditilik tina eusina, sisindiran nomer 1, 3, jeung 4 nyaeta papatah. Sisindiran nomer 2 jeung 5 eusina nyaeta silih asih. Sisindiran nomer 6 jeung 7 eusina nyaeta sésébréd (pikaseurieun)
Dumasar kana pedaran bieu, pék pigawé latihan-latihan ieu di handap!
a. Eusina Papatah
Sing getol ngum jajamu
Nu guna nguatkeun urat
………………………..
………………………..
Gula beureum Banjarwangi
……………………………
Ulah bosen nyiar pangarti
Sabab éta kawajiban
Ka pasar rék meuli tiung
………………………..
kudu nyaah ka indung
……………………….
b. Eusina Silih Asih
Daun alba daun jati
Dialana ngan salambar
……………………….
……………………….
………………………
………………………
Abdi mikacinta eneng
Kalawan rido tur ihlas
c. Eusina Sésebréd
(Pikaseurieun)
Cau naon cau naon
cau kulutuk di juru
…………………..
…………………..
…………………………….
…………………………….
Saha itu nu nundutan
Dahdirna mani nyakcalaka
3. Ditilik tina wangunna, sisindiran no 1 jeung 2 teh kaasup kana wangun naon?
jl.cimurah No.336 Karangpawitan Garut 44182 | |
TELEPON | (0262) 444473 |
smpn1karpaw@gmail.com |
Tinggalkan Komentar