Tatakrama Basa Sunda
Ku Budi Suhardiman
Salah sahiji alesan pangna urang Sunda arembungeun nyarita maké basa Sunda nyaéta ayana undak usuk basa. Pajarkeun téh cenah lamun nyarita basa Sunda sok sieun salah. Sieun teu luyu jeung undak usuk basana. Nu matak aya nu boga pamadegan yén undak usuk basa téh teu perlu dipaké. Nu penting urang Sunda wani nyarita maké basa Sunda, bébas tina undak usuk basana. Tapi, naha lamun undak usuk basa dileungitkeun geus ngajamin urang Sunda bakal wani dina saban kesempetan nyarita maké basa Sunda? Naha para rumaja dina campur gaul sapopoéna bakal nyarita make basa Sunda?
Nurutkeun, nu nulis can tangtu, sabab dina ngagunakeun basa mah, komo posisi basa Sunda salaku basa daérah, raket patalina jeung sikep pamakéna. Satungtung sikep urang Sunda masih nganggap basa Sunda sahandapeun basa nu lian. Satungtung urang Sunda boga anggapan basa Sunda basa nu katinggaleun jaman. Angger urang Sunda bakal ngarasa teu reueus atawa embung nyarita maké basa Sunda.
Jadi, pasualanana lain kudu eweuh jeung ayana undak usuk basa, tapi leuwih kana sikep urang Sundana sorangan. Justru undak usuk basa téh kudu dianggap kabeungharan budaya Sunda. Sok sanajan undak usuk téh asalna ti Jawa. Nu penting mah tumuwuhkeun heula sikep urang nu hadé pikeun mikacinta kana basa Sunda. Éngké gé masalah undak usuk basa jeung nu lian-lianna mah bakal nuturkeun.
Lamun urang mikacinta sarta mikareueus kana basa Sunda, pasti nu patali jeung undak usuk bakal ditalungktik atawa dikawasa. Antukna urang bakal diajar kalawan daria sarta moal dianggap hiji bangbaluh pikeun nyarita maké basa Sunda. Can ogé nyarita, apan urang mah geus loba kasieun. Naha urang téh rék sieun saterusna? Nu balukarna basa Sunda teu digarunakeun deui ku urang Sundana sorangan atawa rék dinawaetuan ti ayeuna pikeun nyarita basa Sunda.
Pikeun nu loba kasieun téa, ayeuna mah prung wé nyarita maké basa Sunda. Prinsipna keur nganawaétuan mah rék salah rék bener nurutkeun undak usukna teu jadi masalah. Éngké gé lila-lila mah bakal nuturkeun sorangan dumasar pangalaman urang nyarita basa Sunda.
Istilah undak usuk kiwari sok disebut tatakrama basa. Tatakrama basa minangka aturan sopan santun maké basa nu disaluyuan ku masarakatna. Tatakrama basa gunana pikeun silihhormat jeung silihajénan. Ku lantaran kitu, lamun urang nyarita teu ngagunakeun tatakrama basa, éta téh sok disebut jalma nu teu sopan. Patali jeung ieu hal, tatakrama basa dina harti silih ajenan jeung nu diajak nyarita, lain ngan ukur dina basa Sunda wungkul, tapi apan dina basa Indonesia ogé aya. Upamana waé lamun urang nyarita ka saluhureun nu geus kolot sarta kalungguhanana saluhureun urang, moal mungkin ngabasakeun anda atawa kamu, tapi pan bapak atawa akang.
Urang Sunda mah lamun nyarita téh sajaba ti rengkuh sok bari ngagunakeun tatakrama basa. Jalma nu rengkuh, tapi teu dibarengan ku tatakrama basa, éta jalma téh can bisa disebut jalma nu sopan. Jadi antara rengkuh jeung basa nu digunakeun téh kudu sajalan.
Nurutkeun Sudaryat (1991:133) tatakrama basa Sunda nyaéta hiji sistem ngagunakeun variasi basa Sunda anu aya patalina jeung kakawasaan (power), kalungguhan (status sosial), kaakraban (solidarity), sarta patalina antara peran panyatur jeung paregep katut nu dicaritakeun.
Wangun tatakrama Sunda aya tilu rupa, nyaéta basa lemes (hormat), basa wajar (loma), basa kasar (cohag).
Basa lemes (hormat) biasana dipaké ka saluhureun atawa ka nu can wawuh. Sok sanajan éta jalma téh sahandapeun, tapi ari can wawuh mah biasana sok maké basa lemes. Lila-lila lamun urang geus wawuh (loma), wangun tatakrama basana robah jadi basa loma (cohag).
Jalma nu ngagunakeun basa lemes waktu nyarita jeung nu lian baris katembong dina lisan, pasemon, rengkuh, peta, jeung lentong. Jadi, teu cukup basa nu dipaké wungkul, tapi kudu ngahiji atawa awor jeung gerakan awak, peta, jeung lentong.
Basa lemes bisa dibagi dua rupa, nyaéta basa lemes keur ka sorangan jeung basa lemes keur ka batur. Basa lemes ka sorangan nyaéta basa lemes nu dipake keur ka diri sorangan atawa sasama waktu nyarita kasaluhureun atawa ka nu can wawuh. Ilikan contona ieu di handap!
“Pa, abdi badé mios heula ka sakola, tabuh 13.00 ge tos wangsul deui”.
“Abdi teu acan neda, kumargi sangu na teu acan asak”.
“Wengi tadi mah abdi téh teu tiasa mondok, kumargi di rorompok garandéng waé”.
Kecap mios, wangsul, neda, mondok, jeung rorompok dina kalimah di luhur kaasup kecap lemes keur ka sorangan.
Basa lemes keur ka batur nyaéta ragam basa nu husus digunakeun keur ka batur atawa ka nu can wawuh. Ilikan contona ieu di handap.
“Pa Haji Rudy badé angkat ka Bandung”.
Ibu Putri nuju sasauran di payuneun ibu-ibu”.
“Pa Syakur nuju tuang ngariung sareng palaputrana”.
Kecap angkat, sasauran, tuang kaasup kecap lemes nu digunakeun keur ka batur.
Dina ngalarapkeun kecap lemes kadangkala urang sok pahili. Nu kuduna keur ka sorangan digunakeun keur ka batur. Sabalikna nu kuduna keur ka batur digunakeun keur ka sorangan. Ku lantaran kitu, di antara wangun tatakrama basa nu dianggap hésé téh nyaéta ngalarapkeun basa lemes. Padahal mun geus biasa mah éta bangbaluh téh bisa kaungkulan. Sagedengeun éta, urang bisa macaan buku nu medar perkara larapna undak usuk basa nu disusun ku para ahli. Di antarana Kamus Undak usuk Basa Sunda karangan Budi Rahayu Tamsyah, Bagbagan Makéna Basa Sunda karangan Karna Yudibrata, Spk, Babaran Undak usuk Basa Sunda karangan Buldan Jayawiguna, Undak usuk Basa Sunda karangan Agus Permadi, jeung réa-réa deui.
Basa loma (wajar) nyaeta ragam basa anu umumna digunakeun ka babaturan nu geus loma (akrab). Biasana koran, majalah, biantara, sawala, seminar ogé sok maké basa loma. Malah sok dicampur jeung basa lemes. Ilikan contona ieu di handap.
“Kuring rék indit heula ka sakola bisi kabeurangan”.
“Siswa SMP Negeri 2 Garut keur dialajar internét”.
“Manéhna téh ti leuleutik di urus ku indung kuring, tapi ari geus beunghar mah bet teu inget-inget acan”.
Méh ampir saban kecap dina éta kalimah kabehanana ngagunakeun basa loma, sabab nu diajak nyaritana sasama atawa geus loma.
Basa kasar nyaéta ragam basa nu digunakeun pikeun nyarékan atawa ka sato. Ilikan contona ieu di handap.
“Ari teu begug mah tong sok nyanyahoan silaing téh!”
“Mantog siah ka ditu aing mah bosen nénjo beungeut sia teh!”
“Bebel siah, mantog ka ditu, aing teu perlu sia!”
Cag!
jl.cimurah No.336 Karangpawitan Garut 44182 | |
TELEPON | (0262) 444473 |
smpn1karpaw@gmail.com |
Tinggalkan Komentar