Gusti Nu Hѐman
Karya: Najmi Nurfadilah
Taya cinta nu satia
Salian cinta Gusti ka umat-Na
Gusti Nu hѐman
Nu mѐrѐ sakur kaayaan
Urang osok elat
Ngalaksanakeun shalat
Tapi Gusti masih mѐrѐ
Kahirupan anu sѐhat
Urang osok ngalanggar agama
Tapi Gusti masih mѐrѐ
Kahirupan anu bagja
Keur urang sadaya di dunya
Kacida hѐmanna Gusti
Tapi urang teu paduli
Urang sibuk kana dunya
Tapi poho ka nu Maha Kawasa
(Mei, 2025)
Tinggalkan Komentar